Sastra Sunda, Im In Love With You... Abi Katresna :)

Abi bade midangkeun pangalaman sareng karesep abi anu enggal, nyaeta sastra sunda. Abdi lahir ti aalit oge saleresna mah memang ti tatar pasundan nyaeta ti Kota Tasikmalaya, Kota resik sareng kota santri kawentar na teh..

Dina hiji dinten, sim kuring teh biasa we kukurilingan upami saur barudak ngora mah namina teh "jalan-jalan" saurna teh, mung sim kuring teh nyalira hayoh we angkat ka toko buku anu aya di sabudeuran Asia Plaza, muter milarian buku bacaan kanggo di aos. Lieur tah ningalian buku anu sakitu seueurna, janten hoyong sadayana tah biasa da rayungan abdi teh. Ret ningal buku ieu sae, ret itu sae, dugi ka nyepeng mastaka lantaran rieut. 
Eh aya hiji rak buku anu katingalna teh teu seueur nu ningal, teras we abdi teh ningalian judul-judulna dina lebet manah teh " alah gening  nganggo bahasa sunda, aya carita kabayan deuih" , kumargi panasaran pisan kana buku-buku eta teh, gep we nyandak hiji buku judulna teh " Kasambet " karya Achmad Bakrie, wah boa-boa eta teh bapakna bapak gado? ah tapi ningal riwayat penulisna mah sanes. Ah banguna ieu kumpulan carpon teh rame yeuh, ieu carita teh kangge barudak alit saleresna mah da eusina teh tentang kaulinan barudak.

Diaos we tos dugi ka bumi teh, aeh gening hade ieu buku teh. Ngajarkeun undak usuk basa sunda anu hesena kabina-bina, dina eta buku sim kuring diajar kumaha ngalarapkeun bahasa ka kolot, ka sasama, jeung kasorangan. Tapi aduh sesahna teh, ieu seratan ge acakadul undak usuk basa na teh.. Gening sesah nya ngalarapkeun bahasa sunda anu leres tur merenah teh. Biasana nganggo bahasa sunda teh nganggo bahasa loma wae. Eta buku pertama bahasa sunda anu dipimilik ku sim kuring..
Panasaran kana bahasa sorangan beuki ngajadi, buku kadua, buku katilu, saterasna kedah dipimilik ieu mah. resep geuning diajar bahasa teh, sesah pisan dibacana teh, mung eusina teh budaya sunda pisan, janten we meni asa waas naha salila ieu teu kungsi kameumet ku sastra sunda anu kacida hadena ieu?

Budaya sorangan teh gening endah pisan, acep pisan kana hate teh. Mugia langkung seueur sastrawan sunda anu nerbitkeun buku sunda.

Komentar